Senin, 02 Desember 2013

Panata Calagara



Assalamualaikum Wr. Wb
            Puji sinareng syukur urang sami-sami sanggakeun ka Allah Swt. Anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Shalawat sinareng salam, urang sanggakeun mugiya ngocor ngagolontor ka Nabi Muhammad Saw.
            Sampurasun nu kasuhun ka
Pupuhu MA Bina Cendekia
Bapak Camat Kecamatan Nyalindung
Para Inohong Cikawung anu dipihormat
Ustadz sinareng ustadzah MA Bina Cendekia anu dipihormat
Sareng anu dipikareues siswa-siswi MA Bina Cendekia ogé kanca-kanca parapamuda.
            Alhamdulillah ku jaalran nikmat ti mantenna dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina raraga “ Maulid Nabi Muhammad Saw” anu di barung ku Dakwah Islamiyah.
            Supados teu nyangkolong kana waktos ieu acara, sumanggan urang kawitan ieu acara ku sami-sami maca Basmallah.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat. Dupi runtuyan acara wengi ieu téh nyaéta:
1.    Bubuka
2.    Galindengan Ayat Suci Al Qur’an
3.    Hiburan Marawis
4.    Binatara ti pupuhu panata calagara
5.    Dakwah Islamiyah
6.    Do’a
7.    Panutup
Salajengna hayu urang sami-sami ngaregepkeun aosan ayat suci Al Qur’an anu seja didugikeun ku sadérék Ujang Asép, ka sadérék Ujang Asép dihaturanan.
Endahna kalamullah anu parantos dipasihkeun ka umat sajagat tur jomantara. Mugiya urang sadayana aya dina panangtayungan manteuna. Aaaammiieennnn
Acara salajengna nyaéta mintonkeun Marawis ti grup Ayatul Husna anu badé di pandu ku sadérék Mira Egawati, ka sadérék Mira di haturanan.
Haturnuhun ka Grup Marawis Ayatul Husna mugi-mugi baé janten pangjurung laku kanggo urang sadayana.
Salajengna nyaéta Laporan ti Pupuhu Panata Calagara anu badé di dugikeun ku Sadérék Lutfi Elfazri, Ka sadérék Lutfi di haturanan.
Nincak kana acara nu dianti-anti nyaéta Dakwah Islamiyah anu badé di dugikeun ku Ustadzah Siti Lutfi Nursa’adah S. Hi. MM.
Haturnuhun ka kersana Ustadzah Siti Lutfi Nursa’adah S.Hi. MM anu parantos ngadugikeun Dakwah na mugiya sing ngajantekeun obor nu nyaangan ka urang sadayana. Aaammiieeenn...
Ibu miwah bapak anu kusimkuring di pihormat rerencangan sadaya anu dipikareues runtuyan acara parantos kahaturkeun. Mugi-mugi ieu acara téh aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Amin ya rabbal alamin. Simkuring Neng Lutfi Nursa’adah nyuhunkeun dihapunten samudaya kalepatan bilih aya basa anu kirang merenah anu matak tu genah kana manah. Bobo sapanon carang sapakan. Hapunten anu kasuhun. Wilujeng Maulid Nabi Muhammad Saw.
Wassalamualaikum wr.wb.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar